Selasa, 01 Desember 2009

Dalingding Asih
Rika Rafika
Written by New KAsep
Thursday, 19 November 2009 04:49 -

Dalingding asih nu kuring
Dalingding asih nu urang
Ngalangkang, ngalamgkang galeuh lamunan
Ngagalindeng tembang tilam kamelang
(2 x)
Basa kuring arék miang
Anjeun jajap ngahaleuang
Lawung pataréma gandrung
Geter rasa cumarita
Duh kudu paanggang
Dalingding asih, jatining asih
Jadi angkeuhan urang duaan
Di péngkolan urang pisah
Rét katukang sumoréang …
Duh …
Dalingding, ngageri diri
Sorana kantun haréwos
Hawar-hawar ngajauhan
Teuteup geugeut lir gugupay
Duh…. témbong deui, gupay deui.
Ketresna ti: Wwww.sunda.liezmaya.web.id
1 / 1

Tidak ada komentar:

Posting Komentar